Jumat, 14 Oktober 2011

Abah Darso Mp3

Nining Meida & Darso

Download

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, "Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi...ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan...lutung!"
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: "Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton."
"Sukur atuh, sok geura turun," walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, "Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun."
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: "Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!" Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh," Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama."
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
"Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!"
"Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung," Cék Purbaleuwih.
"Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!"
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
"Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!"
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
"Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh."
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
"Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!"
"Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!"
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
"Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré," gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk

Naratas Galur Pajajaran

KIDUNG PAJAJARAN

Biru langitna Pajajaran ngagenclang caang, dihias ku bentang ti peuting, muka hate ku rasa damai, muka hate ku katenangan, muka hate ku rasa welas, ku silih asah, silih asih, silih asuh, ngandung wibawa, karta jeung raharja, disiloka ku kujang raga kusumah, suci diri, bersih hate, ucap, pikir jeung lampah. Jayana Pajajaran lain saukur ku kajayaan, lain saukur ku kawibawaaan, tapi dibarengan ku jayana karidoan hate, kaikhlasan hate, jeung kabersihan hate. Sanajan Pajajaran runtuh, tapi hate nu nyicingan Pajajaran tetep rido, ikhlas, sabab sadayana tos kersaning hyang widi, sabab eta anu bakal mawa Pajajaran salamina aya di puncak kajayaan. Raga kusumah anu bersih, anu pinuh ku welas asih, anu disimpen dinu hate, anu dibuka ku pikiran, anu kaluar dinu ucapan, anu dijieun ku lalampahan, bagja jaya Pajajaran ku kaendahan, ku kasejukan, anu ngarti kanu arti gemah ripah loh jinawi saenyana, sareng disanjataan ku trisula, didadasaran ku agama, diendah-endah ku pangabisa, dibere ciri ku pangarti nu jadi wibawa Pajajaran. 

          Ayana Pajajaran dilingkung ku gunung Tangkuban Parahu tibelah kidul, dilingkung ku curug ti belah wetan, diwatesan ku sagara ti belah kaler, pambuka gerbang karajaan ayana tibelah kulon, diwatesan ku walungan citarum, Pajajaran leungit teu mangrupa, ngahiang euweuh tapak, anging hate jeung pikiran anu bersih anu bisa ningali Pajajaran anu saestu, sabab leungitna Pajajaran disumputkeun ti jalma-jalma anu ngudag kakawasaaan, anu ngudag tahta, anu teu ngarti kanu arti sajatina pamingpin, sabab pamingpin saestuna ngan saukur jadi babu rahayat anu daek ditutah-titah ku rahayat, lain sabalikna, rahayat anu ditutah-titah ku manehna.

MUASAL PUNCAK JAYA PAJAJARAN PRABU WASTU KANCANA ANU JADI RAJA PAJAJARAN

           Dina mangsa Pajajaran diujung kaancuran, Prabu Wastu Kancana teu wasa ningali kaayaan Pajajaran awut-awutan, bade kasaha sareng rek dikamanakeun eta karajaan, saha jalmana anu tiasa mingpin eta karajaan, putrana, Raden Wastu Dana Citra alim narima tahta karajaan, sabab anjeuna leuwih milih pikeun nyucikeun diri diajar kanu arti hirup sabenerna, sabab tahta henteu bakal ngajamin bahwa dirina bakal meunang sawarga anu jadi tempat tujuan hirupna manusa, anjeuna leuwih milih cicing ditempat anu tenang, sareng gentos nami jadi Pandita Arya Darma Gandi. Kusabab kaayaan karaton anu riweuh,  putra Pandita Arya Darma Gandi nyaeta Raden Walangi, ngiring sareng rama na katempat anu teu batur apaleun, mung saukur uwana, rakana Pandita Arya Darma Gandi, nyaeta Raden Surya Kancana anu uninga dimana ayana, mingkin lila Pajajaran mingkin jauh tina kasajahtraan, mingkin loba serangan tiditu-tidieu, ampir tiap dinten kakacauan aya di Pajajaran.

SURYA KANCANA DIANGKAT JADI RAJA PAJAJARAN

          Paciweuh mingkin riweuh, kabingung anu ngagunung, Prabu Wastu Kancana ngarasa teu sanggup mingpin karajaan, bade dikamanakeun ieu tahta, da putrana sorangan alim jadi raja, da padumukanana ge anjeuna teu uningaeun, lajeng weh Prabu Wastu Kancana gempungan sareng pinisepuh karajaan, anjeuna ngikrarkeun diri teu sanggup mingpin Pajajaran, sabab nu dilawan lain musuh nu kadeuleu, tapi musuh nu teu mangrupa nu aya di jero karajaan keneh, anu ngudag-ngudag tahta pajajaran. 

          Nya akhirna diputuskeun ku Prabu Wastu Kancana masihkeun kujang Pajajaran ka putrana nu kahiji nyaeta Raden Surya Kancana, tapi Raden Surya Kancana oge nolak, sabab dina pamadegannana ti awal anjeuna alim pikeun jadi raja, anjeuna ngan saukur siap ngabantu kana pamarentahan, ngawangun pajajaran, teras Prabu Wastu Kancana nyarios ka Raden Surya Kancana  : “Naha hidep teu nyaah kanagara .. ?, naha hidep teu bakti kanagara….?, lamun hidep teu sanggup narima tahta karajaan, mana jangji hidep nu diucapkeun bakal ngawangun Pajajaran, dimana tanggung jawab hidep salaku kulawarga karaton ? .”

          Dina pamikiran Raden Surya Kancana tiasa wae anjeuna nyaurkeun, ngabejakeun dimana ayana Raden Wastu Dana Citra rayina, tapi anjeuna tos jangji moal ngabejakeun kasasaha dimana ayana. Nya ahirna anjeuna narima pikeun jadi raja Pajajaran, narima tahta karajaan, anjeuna sanggup narima tahta karajaan pikeun nengtremkeun deui pajajaran, tapi janji kadirina, saparantos Pajajaran tengtrem, makmur sapertos biasana, teu aya pemberontakan, gangguan dimana-mana, anjeuna bade nyerahkeun tahta karajaan ka rayina Raden Wastu Dana Citra, sabab saenyana rayina anu hak narima tahta karajaan, dirina ngan saukur jadi pamuka jalan pikeun ngajugjug karaharjaan sabab dina pamikirna anging rayina anu mampu, bersih hate jeung pikirna teu ngudag tahta teu ngumbar hawa napsu ngarti kana tujuan hirup nu sabenerna. 

OBROLAN PRABU SURYA KANCANA SARENG RADEN 
WASTU DANA CITRA 

          Saatos Raden Surya Kancana ngadeg janten raja Pajajaran, kaayaan Pajajaran jauh tina harepan ku hamba rahayat sakabeh, naon-naon nu dilakukeun ku Prabu Surya Kancana, teu katarima ku sakabeh nu aya di Pajajaran, kabingung kurasa hariwang kudu kumaha nyanghareupan anu model kitu, kudipikiran, ahirna anjeuna mutuskeun pikeun nepangan rayina, anjeuna miang nepangan rayina sareng Putra rayina nyaeta Raden walangi, Prabu Surya Kancana nyaritakeun kaayaan Pajajaran ayeuna ka rayina, maksad bade mundut rayina pikeun narima tahta karajaan Pajajaran. 

          “ Pun rayi, naha hidep teu kagugah, naha hate hidep teu boga kanyaah, naha hidep teu boga tanggung jawab kanagara ngadangu kaayaan Pajajaran anu riweuh ku bancang pakewuh, anu ngaharepkeun ayana jalma anu bersih hate jeung pikirna, anu lancip pikirna sareng anu gaduh wibawa”.
“ Pun raka, pamikiran model kitu dikarajaan teh lain hiji atawa dua jalma, tapi rebuan bahkan jutaan, naha sakabehna bakal turut kakaula, sabab kaula ge jalma biasa, naha pun raka ngajamin mun kaula ngadeg jadi raja, naon nu diharepkeun ku pun raka Pajajaran jauh tina bancang pakewuh, Pajajaran raharja bisa kalaksana, namung sing inget, lamun jalma nu ngartina ngan sorangan apa nu lain na bakal ngarti kanu sabenerna, moal ujug-ujug kaula jadi raja heug nagara jadi aman, lamun sadayana jalma teu ngarti kanu hak sareng kawajiban manusa nu saenyana, sabab ridona hyang widi anu bisa nyieun Pajajaran raharja, pinuh deui ku wibawa, sajahtra, aman  santosa.”  

          Kaemut ku Prabu Surya Kancana geningan dirina ngarti, dirina tos kabawa ku hawa dunya, sabab ku ambisi hayang nyieun karaharjaan, tapi teu emut yen sadayana tos aya nu ngatur, mereun tos kahendakna hyang widi Pajajaran ngalaman bancang pakewuh, naha dirina bet kabawa ku nafsu, kuhayang salilana Pajajaran jaya, padahal mereun geus waktuna  Pajajaran di uji ku nu jiga kieu, dirina ngarasa leutik dipayuneun rayina, geningan, sanajan pamaksudan dirina bener, gening aya nu leuwih bener, sanajan dirina ngarti, gening aya nu leuwih ngarti, aya nu leuwih jero jalan pipikiranana, henteu ngalakukeun tindakan dibawa ku nafsu dunya. 

          Teras deui Raden Wastu Dana Citra nyarita : “ Pun raka.. lamun urang ngalakukeun tindakan tampa dipikir sabab jeung akibatna, naon nu bakal dilakukeun ku urang salah, sing inget Trisula, hate jeung pikir, pikir jeung ucap sadayana kedah sarua, tong nepi ka benten antara hate jeung pikir, pikir jeung ucap, ucap jeung lampah”.
Mingkin lami ngadangu ucap rayina, Prabu Surya Kancana mingkin ngarasa leutik dirina, dugi ka reumbay cisoca, dugi ka nangis batinna, geningan pangarti nu aya didirina jauh keneh dinu kecap sampurna, teras anjeuna naros, “ Pun rayi kedah kumaha jalana ngawangun nagara nu jiga kieu ?”.

          “ Teu kumaha-kumaha, mun Hyang Widi ngaridoan nagara sejahtra pasti sejahtra, mun Hyang Widi ngaridoan Pajajaran jaya, pasti jaya, kumaha carana..?, mangga pun raka emut kanu harti lampah manusa didunya, nyaeta lampah ngumpulkeun kahadean, lampah ngumpulkeun amal, nyaeta ibadah, apal kasajatina Hyang Widi, tapi lain saukur ku salira, tapi kusadayana, ku rahayat, ku tokoh masarakat, ku pinisepuh karajaan, ku pajabat-pajabat karajaan, ku prajurit karajaan, ku raja anu ngarti kana wangi nu sajati, nyaeta raja nu nyeungitan ka rahayatna, rahayat nyeungitan ka rajana, jadi kudu silih emutan antara pamingpin sareng rahayatna, hampura kaula teu tiasa narima eta tahta, hiji mangsa pasti kapanggih, hiji mangsa pasti datang, datang ka Pajajaran budak nu ngarana Munding Wangi”.

          “ Saha ari Munding Wangi teh” ?  saur Prabu Surya Kancana . “ Eta ngan saukur siloka, ari munding teh ingon ingon, ari wangi teh seungit, nyeta sanajan manehna ngarti, sanajan manehna apal, manehna teu ngarumasakeun bahwa dirina geus sampurna, sabab manehna ngarti saenyana dirina oge jalma biasa”. Ngadangu kitu, dirina Prabu Surya Kancana yakin jeung percaya, mudah-mudahan Hyang Widi nepangkeun dirina sareng jalma nu dimaksud ku rayina, mingkin kabuka hatena, anging pitulung sareng kersana Hyang Widi anu tos ngabuka Pajajaran jaya, ahirna anjeuna wangsul deui ka Pajajaran. 

PRABU SURYA KANCANA MIANG KA TANAH ARAB 

          Saatos nepangan rayina, saparantos dugi deui ka Pajajaran, Prabu Surya Kancana emut deui kadirina, kagagahan, kakuatan, sareng pangarti anu aya dina diri anjeuna masih keneh jauh tinu kasampurnaan,  mingkin ngarumasakeun yen dirina teu sanggup pikeun nyepeng tahta karajaan, sabab sanajan bener, manehna teu tiasa ngabebener, ahirna anjeuna mutuskeun pikeun nyerahkeun tahta karajaan kasaha bae anu hayang, anu ngarasa dirina mampu, bade dikumahakeun ge mangga teh teuing, ahirna anjeuna miang ngumbara ka tanah Arab, sabab diditu saurna aya hiji jalmi anu ngarti kanu arti tujuan hirup anu sabenerna, anu ngandung harti, anjeuna hayang diajar deui pikeun ngadeukeutan kasampurnaan hirup, rek di diajar jeung rek guguru ka eta jalmi, nyaeta sayidina Ali, ahirna anjeuna diajar di tanah arab, nyaeta diajar pamadegan nu disebut Islam nu ngandung harti salamet.

          Kaayaan Pajajaran mingkin kacau, perang baraya parebut kakawasaan, parebut tahta karajaan, huru hara dimana-mana, lami-lami pihak luar oge ngadanggu yen Pajajaran kaayaan nuju perang baraya, ahirna pihak ti luar oge ngiring perang, pada-pada hayang nyepeng Pajajaran, sahengna jagat Pajajaran ngalunturkeun wibawa Pajajaran .
Di tanah Arab, Prabu Surya Kancana teras diajar ku bimbingan Sayidina Ali sareng ngikrarkeun yen Prabu Surya Kancana lebet Islam, ahirna kabuka jalan pikirannana, leuwih lancip hate jeung pikirna sabab Islam ngajarkeun salamet keur dirina, kitu deui jeung ka batur, mingkin kuat akidahna, nyaeta akidah anu anyar nu dianggem ku dirina. Saatos dirina ngartos, kanu saenyana, Prabu Surya Kancana mulang deui ka Pajajaran, ku kasaktian, ku kabersihan hate jeung pikiranana anjeuna mampu ngalawan pamberontakan ti jero sareng tiluar, saatos rengse sadayana, anu parebut kakawasaan saking ku sieun ningali pangarti sareng kasaktian Prabu Surya Kancana, maranehna teu wantun pikeun nandinganana, teu sanggup nandingan kagagahanana, maranehna caricing bari jeung saenyana dina hatena teu narima ku wangsulna Prabu Surya Kancana. 

          Pajajaran teu aya nu nyepeng teu aya raja di Pajajaran sabab Prabu Surya Kancana sateuacana oge tos nyoplokeun tahta karajaan, tapi sanaos kitu, anjeuna ngajalankeun roda pamarentahan dirojong ku pini sepuh, sareng pajabat karajaan, sanaos teu aya rajana Pajajaran tetep aya, anjeuna nembongkeun Islam nu sajati, sabab anjeuna gaduh maksad pikeun nyebarkeun Islam di Pajajaran. 

PRABU SURYA KANCANA NEPANGAN DEUI  KA RADEN
WASTU DANA CITRA SARENG RADEN WALANGI 

          Prabu Surya Kancana sanajan anjeuna tos nyoplokeun tahta karajaan tapi, ku para pini sepuh karajaan sareng ku para pajabat karajaan anjeuna masih keneh dianggap raja Pajajaran, sabab di Pajajaran teu aya nu mingpin, tapi di Pajajaran pamarentahan dicepeng ku senopati Buana Reksa, dina hiji mangsa anjeuna miang deui ka tempat Raden Wastu Dana Citra sareng Raden Walangi. 

          “ Assalamualaikum …. “ saur Prabu Surya Kancana ka rayina, rakana nyucapkeun kitu Raden Wastu Dana Citra ngahuleng naroskeun ka rakana kalimah naon eta, “ ucapan naon eta ? “, Prabu Surya Kancana ngawaler: “sanes nanaon etamah ucapan salam, mudah-mudahan pun rayi aya dina kasalametan sareng kasajahtraan kasadayana, hampura bilih paham nu ku kaula dianggem benten sareng paham nu ku pun rayi di cepeng,” anjeuna nyaritakeun pangalamanana ka rayina miang ka tanah Arab.
mangga bae etamah pun raka, kaula moal ngulahkeun, sabab mun enya kirana eta anggeman pun raka teh sajalan, sajulur, sareng tiasa ngartikeun jati diri manusa nu sabenerna, mangga teuing, sabab tadi kaula ngadangu caritaan pun raka intinamah ngabebener laku lampah urang di dunya, mung cara ibadah wungkul anu benten, sabab, etamah balik deui kana kayakinan masing-masing jalmi”.

         “Pun rayi kaula hayang tepang sareng Raden Walangi” saur Prabu Surya Kancana, Raden Wastu Dana Citra nyauran Raden Walangi, teras Prabu Surya Kancana nyarios deui ka rayina, : “ pun rayi naha hidep ngaridoan lamun paham nu dicepeng ku kaula di ajarkeun ka Raden Walangi ? “
Mangga wae taros ka Raden Walangi, kaula moal bisa nangtukeun jalan kahirupanana, bade kamana-mana bae oge anu penting mah laku lampahna bener, jujur, tong leupas tina pamadegan, bade pamadegan salira atanapi pamadegan kaula, mangga wae Walangi bade nyepeng pamadegan anu mana terserah,” Raden Walangi ngawaler, “ kaula tetep bade ngiring sareng pun bapa, bade nyepeng pamadegan pun bapa, sabab dina hate kaula tos kuat kayakinanana kana kitab weda”, ngadangu kitu mah Prabu Surya Kancana teu tiasa maksa Raden Walangi pikeun nyepeng pamadegan dirina, sabab dina pamadeganana, teu aya paksaan pikeun maksa kamanusa nyepeng pamadegannana. 

          sabab dina kitab Al Qur’an anu tos dipelajari kudirina, anging jalma anu kabuka panto hate jeung pikirna anu diridoan ku gusti Alloh, salamet hirupna di dunya sareng diaherat, lami-lami Prabu Surya Kancana nyaritakeun tujuan dirina dongkap kadinya pikeun nyuhunkeun ka Raden Walangi pikeun narima tahta karajaan Pajajaran, tapi Raden Walangi nolak, alim anjeuna jadi raja, sabab anjeuna ningali teu yakin kadirina sorangan, naha bakal sanggup nyepeng tahta karajaan, sareng tujuan hirupna teu ngagaduhan niat pikeun ngudag tahta, tapi hayang nulung ka sasama, ngumpulkeun amal ibadah pikeun nyorang ka sawarga. Prabu Surya Kancana bingung ngadangu sasauran Raden Walangi sabab teu aya deui jalma anu hak narima tahta karajaan iwal ti dirina putrana putra mahkota Pajajaran.

          Prabu Surya Kancana nyarios deui ka rayina : “ pun rayi, kedah kumaha, bade dikamanakeun ieu tahta, naha pun rayi rido lamun Pajajaran dipingpin ku jalma-jalma nu ngudag tahta, anu teu ngarti kanu sajatina pamingpin, anu teu ngarti kanu kujang raga kusumah atawa ku kaula bade di bebeskeun wae eta karajaan, mending leungit sakalian tibatan aya ninggalkeun tapak nu teu hade”. Raden Wastu Dana Citra reuwas ngadangu sasauran rakana anu model bieu, ahirna anjeuna nyarios ka putrana, : “ Walangi, ngahaja kaula embung jadi raja, kaula embung jadi raja teh lain saukur embung, tapi kaula boga pamaksudan pikeun ngagemleng hidep jadi raja, anu ngarti kana artina raga kusumah, nyaeta pamingpin anu beresih hate jeung pikirna, anu teu dikendalikaeun ku hawa nafsu dunya, mudah-mudahan ku kaula di do’akeun hidep tiasa pikeun ngagaduhan gelar Sri Baduga Maha Raja, nyaeta raja nu ngarajaan raja, naha hidep ngarti kana pamaksudan kaula, hidep dibawa heula sangsara ku kaula ngarah hidep ngarti kumaha kaayaan nu di handap, kaayaan rahayat, ngarah hidep teu sawenang-wenang marentah.”

          Raden Walangi ngahuleng ngaraga meneng, sareng ahirna anjeuna mutuskeun, anjeuna nyarita ka Prabu Surya Kancana : “ heug, kaula narima pikeun jadi raja tapi kaula menta sakabeh rahayat Pajajaran timimiti pajabat nepi ka rahayat, tong aya nu ngagung-ngagung kaula, sabab kaagungan ngan saukur milikna Hyang Widi, tapi ayeuna kaula moal waka narima, sabab kaula masih keneh deet ku pangarti, masih deet ku pangabisa, masih keneh aya hal anu kudu di apalkeun ku kaula, mangga wae ayeunamah pimpin heula karajaan sabab kaula keur diajar keneh,” ngadagu kitu Prabu Surya Kancana ngarasa bagja jeung sugema, ahirna Pajajaran bade dicepeng deui kunu hakna, nya ahirna, Prabu Surya Kancana mulang deui ka Pajajaran. 

GEUNJLEUNG KARATON PAJAJARAN 

          Kusabab teu aya anu jadi raja di karaton Pajajaran, pihak-pihak anu hayang ngarebut tahta karajaan mingkin wani pikeun ngeundeuk-ngeundeuk karajaan bari jeung ayeuna mah teu susulumputan, sanjata diangkat, nepi ka kajadian perang di alun-alun pasundan, loba rahayat nu sangsara, loba rahayat nu cilaka ku polahna jalma anu ngudag-ngudag tahta, rahayat mingkin sangsara, kedah kumaha, kamana sareng kasaha neang jalma anu bisa mawa Pajajaran raharja, iwal ti saha ?, nyaeta Raden Walangi, anu diharepkeun ku hamba rahayat sakabeh, tapi arinyana teu uninga dimana ayana Raden Walangi, tapi arinyana yakin jeung percaya bari ngadu’a jeung usaha pikeun neang Raden Walangi mulang ka karaton, sanajan keur eta masih keneh budak, arinyana uninga ayeuna mah pasti geus dewasa, Prabu Surya Kancana kagugah hatena ku kahayang rahayat pikeun enggal-enggal nyandak Raden Walangi ka karaton. 

TANYA JAWAB PRABU SURYA KANCANA SARENG 
RADEN WALANGI 

          Kusabab ningali kaayaan rahayat nu model kitu, Prabu Surya Kancana dongkap deui ka tempatna Raden Walangi sareng Raden Wastu Dana Citra, saparantos aya di tempatna Raden Walangi di barengan ku ramana, Raden Walangi sareng Prabu Surya Kancana silih tempas ngeunaan pamadegan Raden Walangi sareng Prabu Surya Kancana. “ Uwa, kaula bade naros, naon kawajiban manusa di dunya ?”
Tugas utamana manusa di dunya ibadah, nyuhunkeun karidoan gusti Alloh pangeran kaula, naon laku lampah jelema sagalana diniatan ku lillahitaala, ku ihlas teu aya pamrih nanaon, sanajan jasa manehna gede ka nagara jeung bangsana, kawajiban manusa di dunya pikeun ngumpulkeun amal ibadah, pikeun engke jaga di yaumil ahir, “ kitu jawaban Prabu Surya Kancana. “ Kumaha upami kaula jadi raja, nagara rek di bawa sarua jeung pamadegan kaula,”

          “ Nagara mah rek dicandak ku pamadegan saha bae oge mangga teh teuing, tapi sing emut, perbedaan sanes jalan mumusuhan, sabab dina pamadegan kaula, teu aya pikeun jalma kudu nurut kakaula, sadayana kudu balik deui kadirina sewang-sewangan, ayeuna lamun pamadegan kaula beda sareng pamadegan salira, kaula teu menang aya di pajajaran kaula rek miang bilih kaula mumusuhan jeung salira kusabab beda pamadegan. 

          sabab bisi mamawa kanagara nu nyieun nagara teu santosa, teu aman ku akibat beda paham, kaula leuwih milih mangkat leuwih milih ngelehan, sabab kaula ngajaga bisi aya hal-hal anu teu diharepkeun, da kawajiban kaula salaku warga nagara ngajaga nagarana.”“ Kumaha carana pamadegan salira ka sasama, etika nu aya dina pamadegan salira kasasama “ . 

          “ Silih tulungan, silih asuh, silih asah, silih asih, nulungan kasasama anu ngabutuhkeun pitulung, nyaah ka sasama sanajan beda pamadegan, sabab anjeuna oge sami-sami jalmi ciptaan gusti Alloh, anu ngalaksanakeun hak jeung kawajibanana saperti pamadegannana, da etamah hubungan antara nu nyiptakeun sareng nu diciptakeun, mangga bae hidep nyepeng pamadegan hidep, kaula oge nyepeng pamadegan kaula, sabab intina mah sarua ngabimbing kanu lampah anu enya, sarua nitah bener da soal ibdah mah masing-masing balik deui ka jalmana. Raden Walangi nangis ngadangu sasauran uwana, teras ngagabrug ka uwana, 
“ hampura uwa kalakuan kaula bieu, sanes rek ngajak mumusuhan ka uwa kusabab beda pamadegan, tapi kaula hayang uninga bilih dina mangsa kaula jadi raja, aya pihak-pihak anu dirugikeun ku kaula ku sabab beda pamadegan, kaula embung mimpin nagara sagalana kudu kumaha kaula, kaula oge kudu ngarti adat, etika kana pamadegan jalmi-jalmi nu benten sareng kaula sapertos uwa, ku kaula ditarik benang gedena intina mah teu aya perbedaaan, hayu uwa kaula siap pikeun narima tahta karajaan, mung sing emut kana ucapan kaula harita, sakumaha jayana Pajajaran entong ngagung-ngagung kaula, sabab sadayana tos kersaning Hyang Widi, “

Iraha mangsana ?, naha ayeuna keneh hidep siap pikeun narima tahta karajaan Pajajaran ?” “Sanes ayeuna mangsana, tapi kaula hayang dongkap deui ka karaton Pajajaran sanes di candak ku uwa, mangga weh terserah uwa bade kumaha carana pikeun kaula dongkap deui ka karaton Pajajaran, mangga weh gempungan sareng nu aya di karaton Pajajaran, “  ahirna Prabu Surya Kancana mulih deui ka karaton Pajajaran.

GEMPUNGAN PRABU SURYA KANCANA SARENG 
PINISEPUH  PAJAJARAN 

          Dikaraton Pajajaran Prabu Surya Kancana wawartos ka pini sepuh, senopati, sareng pajabat karajaan yen geus aya jalma nu bakal mawa Pajajaran jaya deui, jauh tina bancang pakewuh, jauh tina pambarontakan, tapi dirina alim dongkap kakaraton di candak ku anjeuna, maksad anjeuna ngempelkeun sadayana ayeuna, bade nyawalakeun kumaha carana eta jalma dongkap ka Pajajaran, sadaya nuaya didinya reuwas ngadangu sasauran Prabu Surya Kancana sareng dina hatena tumanya saha jalmana, timana asalna, naha tikulawarga karaton atanapi timana asalna. Senopati Lingga Jaya ngusulkeun ka Prabu Surya Kancana pikeun nyandak eta jalma ku cara dipaksa, di iming-iming ku harta, tahta, sareng bade nyumponan sagala kahayangna.

          Ngadangu kitu Prabu Surya Kancana gumujeng, lajeng nyarita, “ upama kitumah anjeuna ngadeg jadi raja teh sabab dipaksa, sanes kahoyong gereteg hatena, bari jeung bade di iming-iming harta, kaula yakin anjeuna pasti alimeun, sabab anjeuna sanes jalma anu ngudag-ngudag harta jeung tahta, kunu sanes, ku jalmi-jalmi nu ngudag tahta sareng tahta mah pasti bakal di tarima, iraha rek ngurus nagara lamun anu di udag-udagna ngan saukur tahta, pasti ngahalalkeun sagala cara, sabab dina pamikiranana nu penting mah aing kawasa, ieu upami dipaksa ngurus nagarana oge sakadaek, sabab saenyana dirina embung pikeun jadi raja.

          “ Teras kedah kumaha atuh supaya jalmi eta dongkap ? “ taros Senopati Lingga Jati deui, “ Kaula oge teu acan gaduh cara kumaha carana pikeun nyandak eta jalmi. “ nusanesna ngahuleng ngaraga meneng, milarian cara kedah kumaha, “Mangga nu sanes bilih gaduh cara ? “ saur Prabu Surya Kancana, Senopati Buana Reksa ngagaduhan usul, pikeun ngayakeun bae sayembara, mung ku dirina teu kapikir naon anu bade di sayembarakeunana, ahirna Prabu Surya Kancana naroskeun ka Begawan Wastu Kancana kedah kumaha carana.

          “ Naon anu bade di sayembarakeunnana kanjeng rama, pasti kanjeng rama gaduh rencana, da kanjeng rama mah kantos mimpin Pajajaran, uninga ka Pajajaran nu saenyana.”
Begawan Wastu Kancana gumujeng bari jeung reumbay cisoca anjeuna nyarita ” sayembarakeun bae eta kujang Pajajaran, nyaeta kujang Raga Kusumah, sing saha jalma anu tiasa ngangkat eta kujang Pajajaran sareng ngarti kanu arti raga kusumah, timana bae asalna ti rahayat atawa pajabat nagara, tah eta anu bisa mawa Pajajaran jaya deui,” ahirna ku sadayana disatujuan pikeun nyaembarakeun kujang Pajajaran.

RESTU PANDITA ARYA DARMA GANDI KA PUTRANA 
RADEN WALANGI 

          “ Walangi, aya tilu hal anu kudu dipikaharti ku hidep anu bakal mawa diri hidep salaku jalma biasa sareng mawa nagara, regepkeun, nu kahiji nyeta Ngabaur, ngahiji, ngarakyat,”
“Naon hartosna kanjeng rama “ Raden Walangi nempas, “Ngabaur keur diri hidep kudu bisa asup kasadaya golongan, kudu tiasa napak sancang, sing bisa siga cai, anu tiasa asup kana wadah naon wae oge, ngahiji nyeta ngahijikeun antara hate, pikiran jeung ucapan lakonan ku lalampahan, ngarakyat hartina tong mandang jalma tinu tahta atanapi rakyat biasa, saenyana sadayana manusa teu aya anu ngabedakeun dipayuneun Hyang Widi. 

          Anu kadua nyaeta Ngabuka, ngaluarkeun ngasupkeun, bukakeun hate jeung pikiran hidep, tong dihalangan ku hawa nafsu dunya, kaluarkeun jati diri hidep anu saenya-enyana, jati diri manusa nu sajati, asupkeun sagala pangarti kanu hate jeung pikiran, tapi sing inget dina ngasupkeunana tong dibarengan ku hawa nafsu dunya. Sabab lamun pangarti diasupkeun dibarengan ku hawa napsu dunya, dina mangsa hidep ngaluarkeunana dibarengan kurasa uzub, jeung takabur, asa aing pang pinterna, asa aing pang bisana, nganggap leutik kanu sanes, sabab diluhureun anu bisa aya anu leuwih bisa, diluhureun anu ngarti aya anu leuwih ngarti, tinu gede, aya anu leuwih gede, ahirna kasombongan anu bakal jadi jati diri hidep, anu katiluna, Ngajaga, Dijaga, Siaga. 

          Hidep kudu bisa ngajaga pamadegan anu jadi dasar lampahna manusa, kudu tiasa dijaga ucapan, lalampahan, sabab ucapan jeung lalampahan katembong ku jalmi sanes, saenyanamah kedah diawalan dinu hate, ku kabersihan hate sabab mimiti kaluarna ucapan teh tina hate tapi etamah teu katembong ku jalmi sanes, tapi nu saestuna hate, pikir jeung ucap, sadayana kedah sami. Lajeng hidep kudu bisa siaga sabab godaan pikeun manusa anu bakal mawa jalma sangsara lamun teu tiasa nahan godaaan, kudu tiasa kapikir sabab sareng akibat dina mangsa hidep bade ngarencanakeun naon oge, atanapi bade ngalakukeun naon oge, ngajaga diri sorangan, ngajaga batur, ngajaga hate sorangan, ngajaga hate batur, sabab hirup urang di dunya teu sorangan, jadikeun eta kitab weda dadasar anu tilu eta.”

          Raden Walangi ngahelas ngadangu ucapan ramana dugi ka rambay cisocana, sareng nyarios karamana, “ naon namina anu tilu eta teh kanjeng rama?” Sanes nanaon etamah, saukur pamikiran kaula anu ku kaula disebut Trisaka, anu hartosna tilu pusaka pikeun manusa, simpen eta trisaka dina hate anu pang jerona.”
Upami pikeun nagara kumaha hartosna kanjeng rama, sabab saur kanjeng rama trisaka eta tiasa oge nyandak nagara raharja…?” “ Sok wae lah pikiran ku hidep, da hidep nu baris ngalakonkeun, mudah mudahan hyang widi ngaridoan hidep, sing tiasa ngarti kanu harti trisaka pikeun nagara, jig… geus waktuna hidep lalampahan, geus waktuna hidep nulung kasasama, hidep bakti kanagara, jadikeun dina ngurus nagara niatan ku ibadah, jadikeun amal pikeun nyorang ka sawarga, restu kanjeng rama aya di sagigireun hidep”. Raden Walangi nangis, batin jeung pikirna nangis, nangis nu saenyana…

SAYEMBARA KUJANG PAJAJARAN

Raden Walangi pamit ka ramana pikeun lumampah bade angkat ka Pajajaran “ kanjeng rama, kaula bade pamit bade lumampah pikeun ibadah, pikeun amal kaula bekel ka sawarga “.
“ Jig nindak, tapi tong ngalieuk katukang, nu tukang mah jadikeun eunteung pikeun hidep diajar, jang kahareupna, sabab waktu moal mungkin balik deui katukang,” ahirna, Raden Walangi lumampah ngajugjug ka Pajajaran bari dibarengan ku tekad bade bakti kanagara anu diniatan ku ibadah. 


          Di alun alun Pajajaran nyaeta alun-alun Pasundan, dinten eta sayembara kujang Pajajaran dilaksanakeun, kusaha bae anu bade ngiringan, ti rahayat biasa dugi ka para pajabat karajaan kenging ngiringan sayembara, eta sayembara kujang Pajajaran, sadayana masyarakat Pajajaran kumpul di alun-alun pasundan pikeun nyaksian saha jalmi anu tiasa nyandak Pajajaran jaya anu saestu, Prabu Surya Kancana anu ditugaskeun ngabuka sayembara kujang Pajajaran, anjeuna nyarita kasadaya anu aya di alun-alun pasundan, “ kasadaya baraya sanagara, dinten ieu ku kaula dibuka sayembara kujang Pajajaran sing saha jalma anu tiasa ngangkat ieu kujang nu tos dicecebkeun di tengah alun-alun Pajajaran, sareng anu tos tiasa ngabuka arti sabenerna kujang, sing saha wae jalmana boh ti rahayat boh tikaraton eta jalma anu bakal narima tahta karajaan Pajajaran “

          Saatos sayembara dibuka ku Prabu Surya Kancana, Raden Panca Buana, raden Widayana, Raden Lingga Jaya, ti karaton Pajajaran , Wisnu Jaya, Arya Santana, Kalingga Suta, Darma Jaya, raja Baka, eta ti pihak ksatria, sareng pandita, sadayana hayang kuhayang pikeun ngiringan sayembara, ahirna saparantos dipasihan kasempetan pikeun nyoba, pikeun nyabut kujang Pajajaran, ku sadayana teu tiasa ka angkat eta kujang Pajajaran, mung hiji nu tiasa ngangkat, nyeta Raden Panca Buana, tapi dirina teu tiasa ngabuka arti kujang Pajajaran, ahirna sadayana teu aya nu tiasa ngangkat sareng ngabuka arti kujang Pajajaran.

          Saparantos kitu Prabu Surya Kancana nyarita deui, geuningan teu aya jalmi teh nu narima tahta karajaan, bilih aya nu sanesna bade nyoba-nyoba mangga wae, saha wae, timana wae asalna, rek pangkat naon-naon wae gaduh hak pikeun ngiringan sayembara,” sanaos Prabu Surya Kancana tos nyarios kitu rahayat teu aya deui nu wantun pikeun ngiringan sayembara, ahirna aya jalmi anu bade ngiringan saembara, katingalna jalma biasa dongkap kapayuneun Prabu Surya Kancana sabari nyarita : “ naha kaula kenging ngiringan ieu sayembara,”. 

          “Mangga bae da ieu sayembara kanggo saha bae” Prabu Surya Kancana ngajawab bari jeung dina hatena bagja bari jeung sugema, da dirina mah tos uninga saha ieu jalmi teh anu sabenerna, tapi dirina teu wani pikeun ngumumkeun kasadayana nu aya di alun-alun Pasundan, yen ieu jalmi teh saenyana putrana putra mahkota Pajajaran nyaeta Raden Walangi. “ Naha hidep bakal sanggup pikeun nyabut sareng ngabuka arti kujang Pajajaran anu saenyana, “

          “ Mudah mudahan Hyang Widi ngersakeun ka kaula pikeun tiasa nyabut , ngangkat sareng ngabuka arti kujang Pajajaran nu saenyana. “ Ahirna eta kujang di tengah alun-alun pasundan di cabut sareng diangkat ku Raden Walangi, sadayana kaget, geningan kujang Pajajaran tiasa kaangkat ku jalmi biasa, jalmi anu teu apal timana asalna, sabab pamikiran sadayana nu aya di alun-alun pasundan, yen jalmana teh aya di pihak karaton asalna, tapi geningan sanes tikaraton, anu katingali ku masyarakat Raden Walangi teh jalmi biasa, jalmi bodo, anu teu mungkin tiasa mawa Pajajaran jaya.

          Raden Walangi ngabantun eta kujang kapayuneun Prabu Surya Kancana sareng Begawan Wastu Kancana bari ucapna, : “ kaula tos tiasa ngangkat ieu kujang Pajajaran, teras naon deui nu kudu dilakukeun ku kaula ayeuna, “ saur Raden Walangi. Saha ari ngaran hidep, saur Begawan Wastu Kancana, “ Ngaran Kaula Arya Darma Gandi “ jawab Raden Walangi, Prabu Surya Kancana reumbay cisoca teu kuat nahan rasa kabungah sareng rasa kasedih, anu hak narima tahta karajaan Pajajaran, kudu ngaliwatan cara model kieu pikeun narima tahta Pajajaran, padahal dirina gaduh hak pikeun jadi raja Pajajaran, bari jeung dongkapna kadieu teu ngangge nami dirina, malah ngangge nami ramana.

          “ Sok terangkeun arti kujang Pajajaran dipayuneun sadayana anu aya di alun-alun pasundan ieu !” ahirna Raden Walangi ngabuka arti kujang pajajaran anu saestu. “ Namina raga kusumah anu ngandung harti raga teh awak, kusumah teh bersih jadi anging jalma anu beresih hatena anu tiasa mawa pajajaran jaya, mawa Pajajaran raharja, bari ngarti kanu harti kabersihan hate, pikir ucap jeung lampah sadayana kudu saenyana, sabab loba jalma anu ngaku beresih tapi lampahna jauh jeung kabersihan, hatena pinuh ku hawa nafsu dunya, Ieu kujang ngabentuk kembang anu lancip tungtungna sareng lancip deui kajero, kembang ngandung harti pamingpin kedah tiasa nyengitan karakyatna tapi lain saukur ku pamingpin nyeungitan karakyatna tapi rakyat oge kedah tiasa nyeungitan ka pamingpina ngarojong pamaksudan pamingpin, kitu oge lamun pamingpina henteu kaluar tina kawajibanana salaku pamingpin, lancip ujung jeung jerona ieu kujang ngandung harti pamingpin kedah lancip pikir jeung hatena dina ngalakukeun lalampahan atawa tindakan, emut kana sebab sareng akibatna, sabab hate jeung pikiran anu beresih anu bakal nyieun jalma bener lalampahanana, ieu tilu liang tinu kujang ngandung harti hate pikir jeung ucap manusa, ngandung harti lahir hirup jeung maot manusa sabab saenyana manusamah ngan saukur dilahirkeun, hirup ngalalampahan nyieun amal ibadah dina kahirupanana, tapi dina kahirupanana saenyana Hyang Widi anu ngatur sadayana, manusamah ngan saukur ngagunakeun akal jeung pikiran bari jeung usaha pikeun nuju kana pamaksadanana, ditungtungan ku ngarana maot.”

          Begawan Wastu Kancana ngagabrug ka Raden Walangi reumbay cisocana, nangis dipayuneun sadayana nu aya di alun-alun pasundan, sadayana nu aya di alun-alun pasundan gerentes hatena nangis, geuningan masih keneh aya jalma anu tiasa, anu ngarti kana harti wangi anu sajati, anu ngarti silih seungitan antara pamingpin sareng rahayatna, kitu deui rahayat sareng pamingpina sadayana rahayat nu aya dialun-alun Pasundan ngaluarkeun sora-sora, ngaluarkeun ucapan-ucapan masihan nami ka Raden Walangi ku sebatan Siliwangi anu ngandung harti silih seungitan, sadayana anu aya di alun-alun pasundan nyebat-nyebat siliwangi ka Raden Walangi.

          Begawan Wastu Kancana nyarios ka Raden Walangi “ Arya Darma Gandi, sok pake ku hidep ngaran siliwangi pikeun mimpin ieu karajaan Pajajaran, ti ayeuna ku kaula sareng hamba rahayat sadayana hidep dipasihan nami Siliwangi.” Prabu Surya Kancana ngagabrug ka Siliwangi atanapi Raden Walangi di payuneun Begawan Wastu Kancana bari cumarios ka Begawan Wastu Kancana yen saenyana ieu teh Raden Walangi putrana Raden Wastu dana Citra, anu tegesna ieu teh incuna Begawan Wastu Kancana, ngadangu kitu Begawan Wastu Kancana kaget anu teu disangka-sangka moal balik deui ka Pajajaran ayeuna datang deui ka Pajajaran, Raden Walangi nangis tos lami nembe patepang deui sareng akina Begawan Wastu Kancana, ahirna ku Begawan Wastu Kancana di uningakeun kasadayana nu aya di alun-alun pasundan, saenyana ieu teh putrana putra mahkota Pajajaran anu tos lami miang ti karaton Pajajaran, nyaeta putrana Raden Wastu Dana Citra, sadayana teu sangka, sadayana teu percaya kunaon raden walangi kedah ngiringan ieu saembara padahal Prabu Surya Kancana tos uninga yen Raden Walangi gaduh hak pikeun narima tahta Pajajaran, didieu mulai kabuka hate jeung pikiran hamba rahayat sadayana, yen rahayat biasa oge lamun enya dirina tiasa jadi raja jeung ngarti kanu harti pamingpin anu saenyana, teu aya salahna sanajan rakyat biasa komo ieu ngarti anu saenyana, eukeurmah-eukeur dirina nu gaduh hak tahta karajaan tapi cara ngadegna sami sareng peraturan hukum saembara kujang Pajajaran.